Bismillah, Ngawitan Nebang
Jamilah geulis kos kembang Sanajan pecak ge geulis Bismillah, ngawitan tebang Tiwu asak seger amis
Saha anu hitut tarik Teu eling ka anu rea Teras diangkut ka pabrik Dek digiling jadi gula
Ka Palembang ka Marihat Pas di kios beus ngarandeg Penebang na sing sarehat Supados gilingna ajeg
Mawa senter mawa hinis Edek ngeureut tungtung botol Dokter gula jeung masinis Pagawe kampanyeu getol
Parigi loba…
View On WordPress








