Reposted from @deni.jatnika Mangsa wanci geus reup-reupan.. Halimun gunung mimiti nyimbutan lembur.. Tongérét lir méré tangara.. Marengan hibarna cahaya layung.. Mapag datangna indung peuting Kuring ngajanteng salila lila.. Neuteup runggunukna pilemburan.. Nu kalingkung ngeplakna pasawahan.. Tempat kuring reureuh.. Tempat kuring macangkrama jeung baraya.. Lembur kuring... Sanajan ayana di tepis wiring.. Kuring bagja... Dilahirkeun di sarakan pamidangan.. Nu nyuguhkeun katengtreman.. Wa'as... 🚩 Dsn. Margacinta, Ds. Margamekar, Kec. Sumedang Selatan #sumedangtandang #sumedang #margacinta #margamekar https://www.instagram.com/p/CDBKj_2Fqg1/?igshid=1l1tkckgdzrhj