Regrann from @pmxtckab.sumedang - . . WILUJEUNG MILANGKALA SUMEDANG NU KA-440 Kuda Renggong : Kuda renggong mangrupakeun salah sahiji seni pintonan rakyat nu asalna asli ti Sumedang. Kata "renggong" dina seni ieu mangrupa metatesis tina kata ronggeng nyaeta kamonesan cara lengkah kuda nu meunang ngalatih keur nari dina piringan musik kendang. Kuda ditumpakan ku budak sunat nu diarak. Nurutkeun sajarahna Kuda Renggong muncul awalna ti Desa Cikurubuk, Kecamatan Buah Dua. Teras nyebar ka unggal kacamatan kalawan dipikaresep ku warga Sumedang tug nepi ka ayeuna jadi budaya lamun seug nyunatan budak. Budaya nyaeta warisan ti karuhun. Kudu dimumule jeung dipigawe. Ulah era ngamumule budaya sorangan, kusabab eta tembong ayana, ti baheula nepi ayeuna sarua wae sanajan dijaman ayeuna. Ulah sieun oge disebut urang kampung bau lisung pedah nyarita ku basa sunda malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus kusabab geus ngamumule budaya sunda. #kuatdalampersaudaraan #hjs440 #harijadisumedang #sumedanglarang #sundawiwitan #ulaherangomongsunda #inimahsumedang #kabarsumedang #gosipsumedang #sumedangtandang #instasunda #sumedangtandang













