#Pupuh #Gurisa: Sobat Dalit
SOBAT DALIT #Pupuh #Gurisa
Budak anu sapantaran Kiwari geus sosobatan Anu ngarana Jang Ilan Sosobatan jeun Jang Olan Saprak barang sosobatan Ilan jeung Olan dalitan Anyeuna sok babarengan Lamun pada iinditan * Dina hiji mangsa pisan Dina waktu usum hujan Imah pada kabanjiran nyakitu ilan jeung olan Kasur Olan kleng angklengan Palid padah kacaahan Jang olan gogorowokan “Itu tempat bobo Olan!” **
View On WordPress








