#Sisindiran: Kaeraan
Kur hayang nganjang ka kolot Bari mampir dianjangan Keur leumpang sinjang molorot Ni hampir kawiwirang * Badéna énjing aruih Buru buru carundukan Hadéna diléjing rapih Nu munu’u katutupan ** Nu kenal geuning marondok Jadi rada ngalobaan Nu ningal pating colohok Abdi rada kaéraan ***
# diapungkeun ku Karina Nahan > sisindiran.pantun sunda (more…)
View On WordPress













