25+8, muga digedékeun haté
Taun ieu mah sigana waktu téh asa nyérélék pisan. Puguh gé, nepi ka tepung taun kaluli-luli. Di umur anu terus nambahan ieu kuring rék panuhun heula ka diri kuring sorangan lantaran masih hirup tur cukup. Nu kaduana muga kuring sing dijanglarkeun haté, ditiiskeun pikir, jeung anu utamana mah dipaparin sabar salega lautan. Muga taun ieu lulus kuliah, meunang pagawéan anu cukup, jeung ditepungkeun jeung jalma anu haradé budi paranggi. Ngan sakali deui, muga umur gé cukup, ulah panjang teuing sabab sieun teu kuat nandang tunggara. Wilujeng ka kuring, wilujeng ka diri kuring.











