Kinanti Asih Ngahiji
Mugi masih kénéh émut,
Basa tepang sasih juni,
Majar aya katugenah,
Nu nyungkelit kana ati,
Hanjakalna henteu kedal,
Matak panasaran diri.
Harita sasih agustus,
Urang téh patepang deui,
Masih kénéh henteu kedal,
Cenah waktu can mustari,
Ngahaja méh panasaran,
Kaemutan beurang peuting.
Agustus geusan kalarung,
Panasaran diri abdi,
Ngahaja arék ditanya,
Moal panasaran deui,
Ngan keukeuh henteu ngajawab,
Sugan sasih di januari.
Dagdigdug rasaning kalbu,
Ngantosan sasih januari,
Muga-muga geura kedal,
Ulah dipindingan deui,
Seug mah geura balaka,
Balaka ka diri abdi.
Geus cunduk da kana waktu,
Januari nu dianti,
Tungtungna salira kedal,
Hayang masinikeun ati,
Namplokeun rebu kanyaah,
Kanyaah ka diri abdi.
Hayang kauntun tipung,
Mugia ulah ditampik,
Hayang geura laksana,
Dua ati jadi hiji,
Babarengan nyulam nyaah,
Meungkeut deudeuh jadi asih.
Waler kuring mah saéstu,
Éstuning moal ditampik,
Lantaran puguh da nyaah,
Moal diudarkeun deui,
Puguh badé dipageuhan
Dina tali jatukrami.
Jalan mulang Bandung - Padalarang 22 November 2024














