25+7 Bagja mugia lana
Jangkep yuswa 25+7 jumlahna mah étang baé sorangan. Dina umur anu geus sawawa munggaran rék ngucap syukur ka Hyang Niskala Jati anu geus maparin asih ka kuring, nuhun kana sakumna bagja, lara, cimata anu tumiba ka kuring. Taun kamari mah bagja nambahan, bingah teu kurang-kurang, kasedih cukup, kapeurih meueusan. Deudeuh ka diri awaking geus sakitu kuatna nyiar kipayah keur maraban diri sorangan, keur kabungah sorangan. Asa egois. Mémang enya. Tapi keur saha deui? Kapan geus paheut rék nyorangan. Mugia ieu berkat téh manjang dugi ka lana. Saban taun kuring ngadunga sing janglar lahir batin, jadi mangpaat keur balaréa ngan anu jadi harepan mah nun gusti ulah dipaparin teuing panjang yuswa, cekap baé bilih teu kiat nandang tunggara.














