Pasosoré cahya konéng semu umyang ngabagéakeun, Ngeukeup haneut lir kanyaah indung, baeu! Naha anjeun inget Kaagungan Gusti?, Naha anjeun bakal ngucap ngecap sukur ka na Kanyaahna Gusti?. Nalika hiliwir angin ngahéos nebak ka na kulit satangtung awak, Méré tiis kani'matan ka na garingna kulit, Naha anjeun inget yén hirup téh ngan ukur pasanggrahan?, Naha anjeun usaha satékah polah naratas kabagjaan nu "Sajatina"?. Nalika wanci soré indit ninggalkeun teuteup panon, Marengan léngkah srangéngé nu tambah surup, Naha anjeun inget ka na papastén. Lenyepan, Ti na kecap ucap nu tas kedal, Ti na réngkak paripolah nu tas lumaku, Demi layung nu baris kasampeur. #cikuda #jatinangor #sumedang #jatinangorku #puisi #sajak #syair #pustaka #poem #rhyme #phrase #despondent #determination (di Cikuda-jatinangor sumedang)