PESAN TERAKHIR BAPAK
Anaking, anak bapa!
Anakku.. anak bapa!
Kiwari bapa geus nepi ka lembur bapa nu sabenerna, Lembur anu beda jeung lembur urang baheula.
Sekarang bapa sudah sampai di tempat bapa yang sebenarnya, tempat yang berbeda dengan tempat kita yang dulu.
Anaking, anak incu bapa, mun isuk-pageto hidep sono hayang papanggih jeung bapa, maksud ziarah ka kuburan bapa, omat tong angkaribung barang bawa, kembang, meunyan jeung cai kendi, sabab taya manfaatna keur bapa, cukup mawa doa sangkan bapa kenging maghfiroh ti Gusti nu Maha Suci.
Anakku, anak cucu bapa, kalau besok-besok kamu kangen sama bapa pengen bertemu bapa, bermaksud ziarah ke kuburan bapa, INGAT! Tidak perlu bawa ini itu, bunga, menyan, dan air kendi karena itu tidak ada manfaatnya untuk bapa, cukup lah membawa doa agar bapa mendapat ampunan dari yang Maha Suci.
Anaking, kamelang Bapa!
Anakku, kesayangan Bapa!
Eta oge lamun hidep nyaah ka Bapa, teu kudu bingung mulang tarima, ku ngirim bacaan Fatihah jeung Yasin, tapi cukup bejaan Bapa: Yen hidep geus jadi jalma nu soleh, manfaat pikeun diri, kulawarga jeung umat.. Geus jadi hamba Allah ahli ibadah.. Bari salawasna terus ngadoâa sangkan Bapa aya dina ridlo jeung karidloan Rabbul âIzzati..
Itupun kalau kamu sayang sama Bapa, tidak perlu bingung membalas budi dengan mengirimkan Al-Fatihah dan Yasin, tapi cukup beri tahu bapa: Kalau kamu sudah menjadi orang soleh, bermanfaat untuk diri sendiri, keluarga, dan umat. Sudah menjadi hamba Allah Ahli Ibadah, sambil terus menerus mendoakan supaya Bapa berada dalam ridho dan keridhoan Allah Rabbul âIzzati.
Anaking!
Anakku!
Mun hidep nyaah ka Bapa, cukup bejaan bapa: yen hidep nyaah ka ema, akur jeung dulur, runtut raut sauyunan. Silih hargaan silih elingan. Silih tulung silih bantu. Kumpul dina majlis elmu agama, sanajan bari gogonjakan jiga baheula jeung bapa!
Kalau kamu sayang sama Bapa, cukup beri tahu bapa: Kalau kamu sayang ibumu, akur dengan saudara, hidup rukun bersama. Saling menghargai dan saling mengingatkan. Saling tolong menolong dan saling membantu. Berkumpul dalam majlis ilmu agama, walaupun sambil berguyon seperti dulu bersama Bapa.
Anaking, anak incu bapa!!
Anakku, anak cucu Bapa!!
Wayahna, baca ieu surat saeutik deui! Bapa hayang mere beja nyambung beja anu baheula: Nu manfaat di dieu, di alam baka; geuning lain harta, lain tahta, lain pangkat, lain jabatan, tapi wungkul amal soleh waktu di dunya nu dibungkus iman jeung kataqwaan!
Sabar, baca surat ini sedikit lagi! Bapa mau kasih tahu menyambung apa yang dulu bapa bicarakan: Yang bermanfaat di sini, di Alam Baka; Ternyata bukan harta, bukan tahta, bukan pangkat, bukan jabatan, tapi hanya amal soleh sewaktu di dunia yang dibungkus dengan iman dan ketaqwaan!
Ayeuna ku Bapa geus karasa, geus karasa!! Karasa endahna sholat, zakat, shaum jeung haji.. karasa endahna shodaqoh mikanyaah fakir-miskin, karasa endahna akur jeung dulur, bari heman ka tatangga!
Sekarang sudah bapa rasakan, sudah terasa !! Terasa indahnya sholat, zakat, puasa dan haji.. terasa indahnya sedekah dan menyayangi fakir miskin, terasa indahnya rukun dengan saudara, dan suka memberi ke tetangga.
Anaking!
Anakku!
Pang bejakeun ka Ema hidep, yen Bapa nyaah ka Ema! Nyaah ku belana, nyaah ku sabarna, nyaah ku tawekalna!
Tolong sampaikan ke ibumu, kalau Bapa sayang Ibu! Sayang karena pembelaannya, sayang karena kesabarannya, sayang karena tawakkalnya.
Bejakeun ka ema hidep, bapa geus nepi ka nu dituju, Bapa rek satia nungguan ema di dieu, sarta dina poe hisab bareng jeung ema.. di harepeun panto sorga!!
Sampaikan ke ibumu, Bapa sudah sampai ke tempat yang dituju, Bapa mau setia nungguin Ibu di sini, serta di hari penghitungan bersama ibu.. di depan pintu surga!!
Anaking, anak incu Bapa!
Anakku, anak cucu Bapa!
Mun hirup hidep kadungsang-dungsang, mun hidep loba maâsiat tibatan tobat, loba takabur batan tafakur, loba sasar batan istighfar, loba salah batan ibadah, Omat bapa tong dibejaan, sabab Bapa teu sanggup ngupingkeunana!
Kalau hidupmu terlunta-lunta, kalau hidupmu lebih banyak maksiat ketimbang taubat, lebih banyak takabur (sombong) ketimbang tafakur (instropeksi), lebih banyak dosa ketimbang beribadah dan memohon ampun. INGAT!! Bapa jangan diberi tahu, karena bapa tidak sanggup mendengarkannya.
Anaking!
Anakku!
Hampura Bapa, duâakeun Bapa ku sararea.. nya..!!
Maafkan bapa, doakan bapa ya sama semuanya!
Bandung, 19 November 2017
ttd,
Bapak












